Naskah Carita Parahyangan (Basa Sunda
Buhun/Kuna)
ASK-PASUNDAN JAYA
déh nihan Carita
Parahiyangan. Sang Resi Guru mangyuga Rajaputra. Rajaputra miseuweukeun Sang
Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida sapilanceukan. Ngangaranan manéh
Rahiyangta Déwaraja. Basa lumaku ngarajaresi ngangaranan manéh Rahiyangta ri
Medangjati, inya Sang Layuwatang, nya nu nyieun Sanghiyang Watang Ageung.
Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, nu miseuweukeun pancaputra; Sang
Apatiyan Sang Kusika, Sang Garga Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Putanjala inya
Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, Sang
Wretikandayun.
II
Hana paksi Si
Uwur-uwur, paksi Si Naragati, nyayang di titrayatra Bagawat Resi Makandria.
Dihakan anakna ku salakina. Diseuseul ku éwéna. Carék éwéna, "Papa urang,
lamun urang teu dianak, jeueung Bagawat Resi Makandria. Ditapa sotéh papa, ja
hanteu dianak." Carék Bagawat Resi Makandria, "Dianak ku waya, ja éwé
ogé hanteu." Ti inya carék Bagawat Resi Makandria, "Aing dék leumpang
ka Sang Resi Guru, ka Kéndan." Datang siya ka Kéndan. Carék Sang Resi
Guru, "Na naha siya Bagawat Resi Makandria, mana siya datang ka
dinih?" - "Pun samapun, aya béja kami pun, kami ménta pirabieun pun.
Kéna kami kapupulihan ku Paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, papa baruk
urang hanteu di na anak." Carék Sang Resi Guru, "Leumpang siya ti
heula ka batur siya deui, anaking Pwah Aksari Jabung, leumpang husir Bagawat
Resi Makandria, na pideungeuneun satapa, anaking." Leumpang Pwah Rababu,
datang ka baturna, teu diaku rabi. Nyeueung inya wedadari geulis, ti inya
nyieun manéh Pwah Manjangandara, na Bagawat Resi Makandria nyieun manéh Rakéyan
Kebowulan, sida pasanggaman. Carék Sang Resi Guru, "Étén anaking, Pwah
Sanghiyang Sri! Leumpang kita ngajadi ka lanceuk siya, ka Pwah Aksari
Jabung." Ti inya leumpang Pwah Sanghiyang Sri ngajadi, inya Pwah Bungatak
Mangaléngalé.
III
Carék Sang
Mangukuhan, "Nam adiing kalih, urang ngaboro leumpang ka tegal."
Sadatang ka tengah tegal, kasampak Pwah Manjangandara deung Rakéyan Kebowulan.
Digérékeun ku sang pancaputra; beunangna samaya, asing nu numbak inya ti heula,
nu ngeunaan inya, piratueun. Keuna ku tumbak Sang Wretikandayun, Kebowulan
jeung Pwah Manjangandara. Lumpat ka patapaanana, datang paéh. Dituturkeun ku Sang
Wretikandayun. Pwah Bungatak Mangaléngalé kasondong nginang deung Pwah
Manjangandara; ku Sang Wretikandayun dibaan pulang ka Galuh, ka Rahiyangta ri
Medangjati.
IV
Lawasniya adeg ratu
lima welas tahun, disilihan ku Sang Wretikandayun di Galuh, mirabi Pwah
Bungatak Mangaléngalé. Na Sang Mangukuhan nyieun manéh panghuma; Sang
Karungkalah nyieun manéh panggérék, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap;
Sang Sandanggreba nyieun manéh padagang. Ku Sang Wretikandayun diadegkeun Sang
Mangukuhan, Rahiyangtang Kulikuli ; sang Karungkalah diadegkeun Rahiyangtang
Surawulan ; Sang Katungmaralah diadegkeun Rahiyangtang Pelesawi ; Sang
Sandanggreba diadegkeun Rahiyangtang Rawunglangit. Sang Wretikandayun adeg di
Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi, ngangaranan manéh Rahiyangta ri Menir.
Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, inya nu nyieunna Purbatisti.
Lawasniya ratu salapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Kulikuli,
lawasniya ratu dalapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Sarawulan,
lawasniya ratu genep tahun, katujuhna panteg kana goréng twah. Disilihan ku
Rahiyangtang Rawunglangit, lawasniya adeg ratu genep puluh tahun.
V
Disilihan ku
Rahiyangtang Mandiminyak. Seuweu Rahiyangta ri Menir, teluan sapilanceukan; anu
cikal nya Rahiyang Sempakwaja, adeg Batara Dangiyang Guru di Galunggung;
Rahiyangtang Kedul, adeg Batara Hiyang Buyut di Denuh; Rahiyangtang Mandiminyak
adeg di Galuh. Carék Sang Resi Guru, "Karunya aing ka Rahiyang Sempakwaja
hanteu diboga éwé. Anaking Pwah Rababu! Kita leumpang husir Rahiyang
Sempakwaja, kéna inya pideungeuneun siya satapa." Sang Resi ngagisik
tipulung jadi jalalang bodas, leumpang ngahusir Rahiyang Sempakwaja, eukeur
melit. Carék Rahiyang Sempakwaja, "Na naha jalalang bodas éta ?" Top
sumpit. Nya mana dihusir, dék nyumpit inya. Kapanggih Pwah Rababu eukeur mandi
di Sanghiyang Talaga Candana. Carék Rahiyang Sempakwaja, "Ti mana kéh, éta
nu mandi ?" Éta diléléd sampingna ku sumpit. Beunang diléléd. Aya
deungeunna Pwah Aksari kalih, tuluy lalumpatan ka tegal. Pwah Rababu dicokot ku
Rahiyang Sempakwaja, dipirabi, dikasiahan na Pwah Rababu. Nya mana diseuweu,
inya Rahiyang Purbasora, Rahiyang Demunawan, dwaan sapilanceukan.
VI
Ngareungeu tatabeuhan
humung gumuruh tanpa parungon, tatabeuhan di Galuh. Pulang ka Galuh teter nu
ngigel. Sadatang ka buruan ageung, carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang
Apatih, na saha éta?" "Béjana nu ngigel di buruan ageung."
"Éta bawa sinjang saparagi, iweu kéh pamalaan aing. Téhér bawa ku kita
keudeukeudeu!" Leumpang sang apatih ka buruan ageung, dibaan ka kadatwan
na Pwah Rababu. Dipirabi ku Rahiyangtang Mandiminyak, dirabi kasiahan na Pwah
rababu. Diseuweu patemuan, dingaranan Sang Salah.
VII
Carék Rahiyang
Sempakwaja, "Rababu leumpang! Ku siya bwatkeun budak éta ka Rahiyangtang
Mandiminyak. Anteurkeun patemuan siya Sang Salahtwah." Leumpang Pwah
Rababu ka Galuh. "Aing dititah ku Rahiyang Sempakwaja mwatkeun budak éta,
beunang siya ngeudeungeudeu aing téh." Carék Rahiyangtang Mandiminyak,
"Anak aing tu kita, Sang Salah." Carék Rahiyangtang Mandiminyak,
"Sang Apatih, ku siya teundeun kana jambangan. Bawa ka tegal!" Dibawa
ku sang apatih ka tegal, sapamungkur sang apatih, ti tegal metu ikang aprama
tog ka langit, kabireungeuh ku Rahiyangtang Mandiminyak. "Sang Apatih,
husir deui teundeun siya, budak ta!" Dihusir ku sang apatih ka tegal,
kasondong hirup. Dibaan ka hareupeun Rahiyangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang
Sénna.
VIII
Lawasniya ratu tujuh
tahun. Na Rahiyangtang Mandiminyak disilihan ku Sang Séna. Lawasniya ratu tujuh
tahun, disilih-jungkat ku Rahiyang Purbasora. Na Sang Séna diintarkeun ka
Gunung Marapi, diseuweu Rakéyan Jambri. Ageung sakamantrian, lunga ka
Rahiyangtang Kedul, ka Denuh, ménta dibunikeun. Carék Rahiyangtang Kedul,
"Putu aing mumul kapangkukan ku siya, sugan siya kanyahoan ku ti Galuh.
Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan,
deung anak saha tu siya?" Carék Rakéyan Jambri, "Aing anak Rahiyang
Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun ku Rahiyang Purbasora." "Lamun
kitu, mawa boga kami ngasuhan. Ngan mulah mo sambut samaya aing. Moga ulah
meunang prangan; lamun siya ngalaga prang ka kami. Ngan siya leumpang
maratkeun, husir Tohaan di Sunda." Sadatang ka Tohaan di Sunda, tuluy
dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti inya ditinggalkeun, ngahusir Rabuyut Sawal.
Carék Rabuyut Sawal, "Saha siya?" "Aing pun seuweu Sang Séna.
Aing nanyakeun pustaka bawa Rabuyut Sawal. Eusina ma ratuning bala sariwu;
pakeun séda, pakeun sakti, paméré Sang Resi Guru." Dibikeun ku Rabuyut
Sawal. Ti inya pulang ka Galuh Rakéyan Jambri. Tuluy diprang deung Rahiyang
Purbasora. Paéh Rahiyang Purbasora. Lawasniya ratu tujuh tahun. Disilihan ku
Rakéyan Jambri, inya Rahiyang Sanjaya.
IX
Carék Rahiyang
Sanjaya, "Sang Apatih, leumpang siya, nanya ka Batara Dangiyang Guru ku
piparintaheun urang inih!" Sadatang sang apatih ka Galunggung, carék
Batara Dangiyang Guru, "Na naha béja siya, Sang Apatih?" "Pun,
kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun, adi Rahiyang Purbasora."
Hanteu dibikeun ku Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru,
"Rahiyang Sanjaya, leumpang nyandogé manéh. Éléhkeun Guruhaji Pagerwesi,
éléhkeun Guruhaji Mananggul, éléhkeun Guruhaji Tepus, éléhkeun Guruhaji
Balitar. Lunga Rahiyang Sanjaya ; éléhkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa ring Kuningan. Nyandogé na kasaktian, kénana ta Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, hanteu kawisésa Dangiyang Guru. Mana
ingéléhkeun, inya sakti." Rahiyang Sanjaya ka Kuningan, tuluy diprang.
Éléh Rahiyang Sanjaya. Digérékan, teka ring loh Kuningan, undur Rahiyang
Sanjaya. "Dara aing para dinih, digérékan. Éléh pun kami." Ti inya
pulang deui ka Galuh, Rahiyang Sanjaya. Sang Wulan, Sang Tumanggal pulang deui
ka Arilé. Rahiyang Sanjaya tuluy marék ka Batara Dangiyang Guru. Carék Batara
Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, naha béja siya datang ka dinih?"
"Aya pun béja kami, pun kami dipiwarang, éléh pun kami, supén pun kami.
Kami meunang ku jadi, pun gumanti diboroan ku Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa ring Kuningan." Pulang deui Rahiyang Sanjaya ka Galuh.
X
Carék Sang Wulan,
Sang Tumanggal, Sang pandawa ring Kuningan, "Mawa pisajieun leumpang ka
Galunggung, widihan sajugala ma, palangka wulung, munding satempahan, bras
sapadangan." Sateka siya ka Galunggung, mandeg ring Pakembangan. Kasondong
ku Pakembangan, majar ka Batara Dangiyang Guru. Carék Dangiyang Guru,
"Naha béja siya ?" "Pun Batara Dangiyang Guru! Aya Sang Wulan,
Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan." "Bagéa amat, siya datang
ka dinih. Leumpang siya ka Galuh. Ala Rahiyang Sanjaya, mangka mawa pisajieun;
widihan sajugala ma, saha palangka wulung, munding satémpahan, kawali wesi,
bras sapadangan." Sadatang siya ka Galuh, carék Rahiyang Sanjaya,
"Naha béja siya, Pakembangan?" "Kami pun disuruh ku Dangiyang
Guru. Rahiyang Sanjaya mangka nu sangkep mawa pisajieun. Aya Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan." Lunga Rahiyang Sanjaya. Téka ri
hareupeun Dangiyang Guru, carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya!
Lamun kawisésa ku siya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan,
aing nurut carék siya. Ja beunang ku aing kawisésa, turut carékéng! Ja aing
wenang nuduh tan katuduh. Ja aing anak déwata." Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan kawisésa ku Batara Dangiyang Guru. Sang
Wulan dijieun Guruhaji Kajaron. Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di
Balamoha. Sang Puki jadi Guruhaji Pagerwesi. Sang Manisri dijieun Buyuthadén
Rahaséa, di Puntang. Buyuthadén Tunjungputih di Kahuripan. Buyuthadén Sumajajah
di Pagajahan. Buyuthadén Pasugihan di Batur. Buyuthadén Padurungan di
Lembuhuyu. Buyuthadén Darongdong di Balaraja. Buyuthadén Pager gunung di
Muntur. Buyuthadén Muladarma di Parahiyangan. Buyuthadén Batutihang di
Kuningan.
XI
Rahiyang Sanjaya
kawekasan ring Medang. Ratu ring Galuh, Sang Seuweukarma. Ikang ari ratu Galuh,
mananem sarwijagih Dadalem gawey puja, lilir désa, séwabakti ring Batara Upati.
Rahiyangtang Wéréh, maka siya dingaran Rahiyangtang Wéréh, masa siya tinggal
anak sapilanceukan. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg haji, kena rohang, ja
mangka ngaran Rahiyang Sempakwaja. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg ratu kena
kemir, ngaran mangadeg Wikuraja. Siya jadi Tohaan di Kuningan, anakna ditapa,
tu siya seuweu Rahiyang Sempakwaja. Ujar Rahiyang Sanjaya, "Sama sanak
ring aing aki! Lamun kitu ma karah. Ulah anggeus narahan aing aki, sang
apatih!" Ujar sang apatih, "Mangka dapet deui urang nyayangan
Sanghiyang Darmasiksa, mulah mo déngé!" Carékna patih kalih ka Rahiyang
Sanjaya, "Lamun dék jaya prangrang, mangkat ti Galuh!" Prangrang ka
Mananggul, éléh sang ratu Mananggul, Pwanala panulak sanjata. Tuluy ka
Kahuripan, diprangrang, éléh Kahuripan, na Rahiyangtang Wulukapeu nungkul.
Tuluy ka Kadul, diprangrang, éléh Rahiyang Supena, nungkul. Tuluy ka Balitar,
diprang, éléh sang ratu Bima. Ti inya Rahiyang Sanjaya nyabrang ka désa Malayu.
Diprang di Kemir, éléh Rahiyangtang Gana. Diprang deui ka Keling, éléh Sang
Sriwijaya. Diprangrang ka Barus, éléh Ratu Jayadana. Diprang ka Cina, éléh Patih
Sarikaladarma. Pulang Rahiyang Sanjaya ka Galuh ti sabrang. Ndéh humeneng.
XII
Rahiyangtang Kuku,
Sang Seuweukarma diArile, diheueumdeungna para patih; gusti winekasan
pangajaran kaparamartan. "Nam urang marek, mawa tanggung ka Rahiyang
Sanjaya. Mupu omas sakati, gangsal (buhniya), bawaeun urang ka Rahiyang
Sanjaya." Ti inya diheueum deui di Galuh deu(ng) para patih kali(h).
"Nam, urang nyieun labur di jalan gedé pakeun nyungsung Sang Seuweukarma,
ja turut Rahiyangtang Kuku." Sateka ka sisi(m)pang(an) ka Galuh deung ka
Galunggung, disungsung, disocaan. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Sang apatih,
bawa kami marék ka Rahiyang Sanjaya. Ornas sakati, gangsal boéhniya." Ujar
sang apatih, "Pun Tohaan! Hanteu dipilarang na omas na beusi ku Rahiyang
Sanjaya, hengan huripna urang réa dipilarang." Andéh kahimengan
Rabiyangtang Kuku, pulang deui ka Arile. Diheueum deungna para patih kalih.
Ujar Rahiyangtang Kuku, "Na naha pakeun urang bakti ka Rahiyang
Sanjaya?"
XIII
Sakitu ménakna, ini
tangtu Rahiyang Sempakwaja. Ndéh nihan ta ujar Rahiyangtang Kuku, lunga ka
Arile, ngababakan na Kuningan. Kareungeu ku Rahiyangtang Kuku, inya Sang
Seuweukarma ngadeg di Kuningan, seuweu Rahiyang Sempakwaja; ramarénana pamarta
ngawong rat kabéh. Dayeuh paradayeuh, désa paradésa, nusa paranusa. Ti KeIing
bakti ka Rahiyangtang Kuku: Rahiyangtang Luda di Puntang. Rahiyangtang
Wulukapeu di Kahuripan. Rahiyangtang Supremana di Wiru. Rahiyang Isora di Jawa.
Sang ratu Bima di Bali. Di kulon di Tungtung Sunda nyabrang ka désa Malayu:
Rahiyangtang Gana ratu di Kemir. Sang Sriwijaya di Malayu. Sang Wisnujaya di
Barus. Sang Brahmasidi di Keling. Patihnira Sang Kandarma di Berawan. Sang
Mawuluasu di Cimara-upatah. Sang Pancadana ratu Cina. Pahi kawisésa, kena inya
ku Rahiyangtang Kuku. Pahingadegkeun haji sang manitih Saunggalah. Pahi ku Sang
Seuweukarma kawisésa, kena mikukuh tapak Dangiyang Kuning. Sangucap ta Rahiyang
Sanjaya di Galuh, "Kumaha sang apatih, piparéntaheun urang ?. Hanteu di
urang dipikulakadang ku Rahiyangtang Kuku. Sang apatih, leumpang, dugaan ku
kita ka Kuningan. Sugan urang dipajar koyo ilu dina kariya, ja urang hanteu
dibéré nyahoan, daék lunga." Sang patih teka maring Kuningan, marék ka
kadaton, umun bakti ka Rahiyangtang Kuku. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Deuh
sang apatih, na naha na béja kita, mana kita datang ka dinih?" Ujar sang
apatih, "Kami pun dititahan Rahiyangtang Sanjaya. Disuruh ngadugaan ka
dinih. Saha nu diwastu dijieun ratu?" Carék Rahiyangtang Kuku, "U
sang apatih, yogya aing diwastu dijieun ratu ku na urang réa. Ngan ti Rahiyang
Sanjaya ma hanteu nitah ku dék kulakadang deung hamo ka kami, ja bogoh maéhan
kulakadang baraya. Ja aing ogé disalahkeun ka Kuningan ku Rahiyang Sempakwaja.
Aing beunang Rahiyang Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan ini. Mana aing mo
dijaheutan ku Rahiyang Sanjaya." Pulang deui sang apatih ka Galuh. Ditanya
ku Rahiyang Sanjaya, "Aki, kumaha carék Rahiyangtang Kuku ka urang?"
"Pun Rahiyang Sanjaya! Rahiyangtang Kuku teu meunang tapana. Mikukuh
Sanghiyang Darma kalawan Sanghiyang Siksa. Nurut talatah Sang Rumuhun,
gawayangkeun awak carita. Boh kéh ku urang turut tanpa tingtimanana.
Biyaktakeun ku urang, ja urang sarwa kaputraan, urang deung Tohaan pahi anak
déwata. Ndéh inalap pustaka ku Rahiyang Sanjaya. Sadatang inungkab ikang
pustaka. Sabdana tangkarah, "Ong awignam astu krétayugi balem raja
kretayem rawanem sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya
ratuning déwata sang adata adininig ratu déwata sang sapta ratu na
caturyuga." "Dah umangen-angen ta Sang Resi Guru sidem magawéy Sang
Kandiawan lawan Sang Kandiawati. Mangkana manak Rahiyangtang Kulikuli,
Rahiyangtang Surawulan, Rahiyangtang Pelesawi. Rahiyangtang Rawunglangit,
kamiadi Sang Wretikandayun. Sang Wretikandayun mangka manak Rahiyangtang
Sempakwaja, Rahiyangtang Mandiminyak. Rahitangtang Mandiminyak mangka manak
Sang Séna, Rahiyang Sang Séna mangka manak Rahiyang Sanjaya." Bo geulisan
Dobana bawa bahetra piting deupa, bukana bwatan sarwo sanjata. "Urang ka
nusa Demba!" Data sira lunga balayar. Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek mwatkeun
Pwah Sang kari Pucanghaji Tunjunghaji ditumpakkeun dina liman putih. Dék
ngajangjang turut buruan; momogana teka Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma ka
nusa Demba, tuluy ka kadatwan, calik tukangeun Sang Siwiragati. Rahiyangtang
Kuku dihusir ku liman putih, lumpat ka buruan mawa Pwah Sangkari. Hanteu aya
pulang deui ka kadatwan liman putih ta, bakti ka Rahiyangtang Kuku. Pulang deui
Rahiyangtang Kuku ka Arile, dibawa na liman putih deung Pwah Sangkari. Manguni
: "Naha hanteu omas saguri, sapetong, sapaha sapata-payan?" Tuluy ka
Galuh ka Rahiyang Sanjaya, hanteu sindang ka Arile. Dibawa na liman putih,
dirungkup ku lungsir putih tujuh kayu diwatang ku premata mas mirah komara
hinten. Datang siya ti désa Demba, tuluy ka kadatwan. Sateka Rahiyangtang Kuku
ring kadaton, mojar ka Rahiyang Sanjaya. naha suka mireungeuh liman putih.
Tanyana: "Mana?" "Tuluy dipitutunggangan, diaseukeun Pwah
Sangkari ka Rahiyang Sanjaya. Sateka ring dalem hanteu pulang deui. Dah
Rahiyang Sanjaya: "Naha tu karémpan? Aing ayeuna kreta, aing deung
bapangku, Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Hanteu ngalancan aing ayeuna.
Ajeuna nu tangkarah : "Alas Dangiyang Guru di tengah, alas Rahiyang Isora
di wétan paralor Paraga deung Cilotiran, ti kulon Tarum, ka kulon alas Tohaan
di Sunda." Dah sedeng pulang Rahiyangtang Kuku ka Arile, sadatang ka Arile
panteg hanca di bwana, ya ta sapalayaga dirgadisi lodah. Mojar Rahiyang
Sanjaya, ngawarah anaknira Rakéan Panaraban, inya Rahiyang Tamperan:
"Haywa dék nurutan agama aing, kena aing mretakutna urang réya."
Lawasniya ratu salapan tahun, disiliban ku Rahiyang Tamperan.
XV
Tembey Sang Resi Guru
ngayuga taraju Jawadipa, taraju ma inya Gulunggung, Jawa ma ti wétan. Di pamana
Sunda hana pandita sakti, ngaraniya Bagawat Sajalajala, pinejahan tanpa dosa.
Mangjanma inya Sang Manarah, anak Rahiyang Tamperan, dwa sapilanceukan denung
Rahiyang Banga. Sang Manarah males hutang; Rahiyang Tamperan sinikep deneng
anaknira. Ku Sang Manarah dipanjara wesi na Rahiyang Tamperan. Datang Rahiyang
Banga, ceurik, teher mawakeun sekul kana panjara wesi, kanyahoan ku Sang
Manarah. Tuluy diprangrang deung Rahiyang Banga. Keuna mukana Rahiyang Banga ku
Sang Manarah. Ti inya Sang Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan. Carék Jawana,
Rahiyang Tamperan lawasniya adeg ratu tujuh tahun, kena twah siya bogoh
ngarusak nu ditapa, mana siya hanteu heubeul adeg ratu. Sang Manarah, lawasniya
adeg ratu dalapanpuluh tahun, kena rampés na agama. Sang Manisri lawas adeg
ratu geneppuluh tahun, kena isis di Sanghiyang Siksa. Sang Tariwulan lawasniya
ratu tujuh tahun. Sang Welengan lawasniya ratu tujuh tahun.
XVI
Ndéh nihan tembey
Sang Resi Guru miseuweukeun Sang Haliwungan, inya Sang Susuktunggal nu munar na
Pakwan reujeung Sanghiyang Haluwesi, nu nyaeuran Sanghiyang Rancamaya. Mijilna
ti [42] Sanghiyang Rancamaya : "Ngaran kula ta Sang Udubasu, Sang
Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang banaspati." Sang Susuktunggal
inyana nu nyieunna palangka Sriman Sriwacana Sri Baduga Maharajadiraja, ratu
haji di Pakwan Pajajaran. Nu mikadatwan Sri – bima -untarayanamadura -
suradipati, inyana pakwan Sanghiyang Sri Ratudéwata. Kawekasan Sang
Susuktunggal, pawwatanna lemah suksi, lemah hadi, mangka premana raja utama.
Lawasniya ratu saratus tahun.
XVII
Rahiyang Banga
lawasnia ratu tujuh tahun, kena twah siya, mo makéyan agama bener. Rakéyanta ri
Medang lawasniya adeg ratu tujuh tahun. Rakéyanta Diwus lawasniya ratu
opatlikur tahun. Rakéyanta Wuwus lawasniya ratu tujuhpuluhdua tahun. Sang
lumahing Hujung Cariang, lawasniya ratu telu tahun, kaopatna panteg kena salah
twah, daék ngala éwé sama éwé. Rakéyan Gendang lawaniya ratu telulikur tahun.
Déwa Sanghiyang lawasniya ratu tujuh tahun. Prebu Sanghiyang lawasniya ratu
sawelas tahun. Prebu Ditiya Maharaja lawasniya ratu tujuh tahun. Sang lumahing
Winduraja lawasniya ratu telulikur tahun. Sang lumahing Kreta lawasniya ratu
salapanpuluhdua tahun, kena mikukuh na twah rampés, turun na kretayuga.
Disiliban deui ku Sang lumahing Winduruja, teu heubeul adeg, lawasniya ratu
dalapanwelas tahun. Disilihan deui ku Sang Rakéyan Darmasiksa, pangupatiyan
Sanghiyang Wisnu, inya nu nyieun sanghiyang binayapanti, nu ngajadikeun para
kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang tarahan, tina
parahiyangan. Ti naha bagina? Ti sang wiku nu ngawakan jati Sunda, mikukuh
Sanghiyang Darma ngawakan Sanghiyang Siksa. Lawasniya ratu saratuslimapuluh
tahun. Manak Sang lumahing Taman lawasniya ratu genep tahun. Manak deui Sang
lumahing Tanjung, lawasnija ratu dalapan tahun. Manak Sang lumahing Kikis,
lawasniya ratu dwalikur tahun. Sang lumahing Kiding, lawasniya ratu sapuluh
tahun. Manak Aki Kolot, lawasniya ratu sapuluh tahun.
XVIII
Manak deui Prebu
Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku
seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan
nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit. Aya na
seuweu Prebu, wangi ngaranna, inyana Prebu Niskalawastu Kancana nu surup di
Nusalarang ring giri Wanakusuma. Lawasniya ratu saratusopat tahun, kena rampés
na agama, kretajuga. Tandang pa ompong jwa pon, kenana ratu élé h ku satmata.
Nurut nu ngasuh Hiyang Bunisora, nu surup ka Gegeromas. Batara Guru di Jampang.
Sakitu nu diturut ku nu mawa lemahcai. Batara Guru di Jampang ma, inya nu
nyieun ruku Sanghiyang Pak é, basa nu wastu dijieun ratu. Beunang nu pakabrata
séwaka ka d éwata. Nu di tiru ogé paké Sanghiyang Indra, ruku ta. Sakitu, sugan
aya nu d ék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang. Daé k él éh ku satmata.
Mana na kretajuga, él éh ku nu ngasuh. Nya mana sang rama énak mangan, sang
resi é nak ngaresisasana, ngawakan na purbatisti, purbajati. Sang disri énak
masini ngawakan na manusasasana, ngaduman alas pari-alas. Ku b éét hamo diukih,
ku gedé hamo diukih. Nya mana sang Tarahan énak lalayaran ngawakan
manu-rajasasana. Sanghiyang apah, teja, bayu, akasa, sangbu
énak-énak,ngalungguh di sanghiyang Jagatpalaka. Ngawakan sanghiyang rajasasana,
angadeg wiku énak di Sanghiyang Linggawesi, brata siya puja tanpa lum. Sang
wiku énak ngadéwasasana ngawakan Sanghiyang Watang Ageung, énak ngadeg
manu-rajasuniya. Tohaan di Galuh, inya nu surup di Gunungtiga. Lawasniya ratu
tujuh tahun, kena salah twah bogoh ka é stri larangan ti kaluaran.
XIX
Disilihan ku Prebu,
naléndraputra premana, inya Ratu Jayadéwata, sang mwakta ring Rancamaya,
lawasniya ratu telu puluh salapan tahun. Purbatisti, purbajati, mana mo
kadatangan ku musuh ganal, musuh alit. Suka kreta tang lor, kidul, kulon,
wétan, kena kreta rasa. Tan kreta ja lakibi dina urang réya, ja loba di
Sanghiyang Siksa.
XX
Disilihan inya ku
Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padaré n, kasuran, kadiran, kuwamén.
Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka
Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi.
Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu.
Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka
Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka
Muntur. Prang rang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka
Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui,
panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.
XXI
Prebu Ratudé wata,
inya nu surup ka Sawah-tampian-dalem. Lumaku ngarajaresi. Tapa Pwah Susu. Sumbé
lé han niat tinja bresih suci wasah. Disunat ka tukangna, jati Sunda teka.
Datang na bancana musuh ganal, tambuh sangkané. Prangrang di burwan ageung.
Pejah Tohaan Saréndét deung Tohaan Ratu Sanghiyang. Hana pandita sakti
diruksak, pandita di Sumedeng. Sang panadita di Ciranjang pinejahan tanpa dosa,
katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri Iinabuhaken ring sagara. Hana
sang pandita sakti hanteu dosana. Munding Rahiyang ngaraniya linabuhaken ring
sagara tan keneng pati, hurip muwah, moksa tanpa tinggal raga teka ring duniya.
Sinaguhniya ngaraniya Hiyang Kalingan. Nya iyatnajatna sang kawuri, haywa ta
sira kabalik pupuasaan. Samangkana ta précinta. Prebu Ratudé wata, lawasniya
ratu dalapan tahun, kasalapan panteg hanca dina bwana.
XXII
Disilihan ku Sang
Ratu Saksi Sang Mangabatan ring Tasik, inya nu surup ka Péngpéléngan. Lawasniya
ratu dalapan tahun, kenana ratu twahna kabancana ku estri larangan ti kaluaran
deung kana ambutéré. Mati-mati wong tanpa dosa, ngarampas tanpa prégé, tan
bakti ring wong-atuha, asampé ring sang pandita. Aja tinut dé sang kawuri,
polah sang nata. Mangkana Sang Prebu Ratu, carita inya.
XXIII
Tohaan di Majaya alah
prangrang, mangka tan nitih ring kadatwan. Nu ngibuda Sanghiyang Panji, mahayu
na kadatwan, dibalay manelah taman mihapitkeun dora larangan. Nu migawe
bale-bobot pituweJas jajar, tinulis pinarada warnana cacaritaan.
XXIV
Hanteu ta yuga dopara
kasiksa tikang wong sajagat, kreta ngaraniya. Hanteu nu ngayuga sanghara,
kreta, kreta. Dopara luha gumenti tang kali. Sang Nilak éndra wwat ika sangké
lamaniya manggirang, lumekas madumdum cereng. Manga nugraha weka, hatina nunda
wisayaniya, manurunaken pretapa, putu ri patiriyan. Cai tiningkalan nidra
wisaya ning baksa kilang. Wong huma darpa mamangan, tan igar yan tan pepelakan.
Lawasniya ratu kampa kalayan pangan, ta tan agama gayan kewaliya mamangan
sadirasa nu surup ka sangkan beunghar. Lawasniya ratu genepwelas tahun.
XXV
Disilihan ku Nusiya
Mulia. Lawasniya ratu sadewidasa, tembey datang na prebeda. Bwana alit sumurup
ring ganal, metu sanghara ti Selam. Prang ka Rajagaluh, élé h na Rajagaluh.
Prang ka Kalapa, él éh na Kalapa. Prang ka Pakwan, prang ka Galuh, prang ka
Datar, prang ka Madiri, prang ka Paté gé, prang ka Jawakapala, él éh na
JawakapaJa. Prang ka Galé lang. Nyabrang, prang ka Salajo, pahi éléh ku Selam.
Kitu, kawisésa ku Demak deung ti Cirebon, pun.
***
bagian XIV nya ga ada?
BalasHapus